Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kénca, ngalér ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung. Maklum dikampung mah masih kénéh loba imah panggung; jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang éntog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah téh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana. Multi lével meureun nya ayeuna mah istilahna teh.
Tah simaling téh caritana rék maling hayam. Manehna rerencepan muka panto kandang bari jeung degdegan da sieun kadéngéeun kunu boga imah. Barang keur muka panto kandang ngadéngé aya sora awéwé "kang....tos dibuka......"; simaling ngagerendeng na haténa "duh! aing kanyahoan muka panto". Simaling jempé sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncorkeun sirahna ka kandang. Ti imah kadéngé deui sora awéwé "duh kang tos lebet nya ...!!!" Sorana rada tarik jeung ngageter. Simaling ngoréjat bari kukulutus dina haténa "haram jadah siah! kanyahoan aing rék maling hayam !" Padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih panganténan.
Isukna simaling jualan bonténg di pasar. Kabeneran si pangantén oge indit kapasar. Pas ngaliwatan ka tukang bonténg, si awéwéna nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonténg. Pokna téh "kang siga nu wengi nya!". Maksudna teh kana bonténg, tapi tukang bonténg ngagebeg haténa, rey beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tibuburanjat sieun ditéwak, hatena bacéo "duh bener-bener ka aing kanyahoan". Padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu bobogaan salakina.
Pengajian Mingguan : - Setiap Hari Rabu Pukul 18.30 (ba'da Magrib) - selesai
Dzikir Bersama : - Setiap Hari Kamis Pukul 18.30 (ba'da Magrib) - Selesai
Pengajian dan Tadarus Rutin Ibu-Ibu : - Setiap Hari minggu
Buat Seluruh Warga yang punya Artikel,puisi,berita dan informasi atau pun Foto yang ingin dimuat disini Silahkan kirim Via Email ke sabelastea@yahoo.com , Dan Jangan Lupa Kritik dan saran nya.
0 comments:
Post a Comment