Opat poé katukang kang Panzi gura-giru kadokter cenah teu raraos body. Sabada dipariksa, dokter nyimpulkeun yén kang Panzi téh loba teuing sosonoan jeung pamajikanana tur euweuh watesanana. Si dokter nyarankeun leuwih alus mun rék sosonoan kudu make jadwal nu matuh, saminggu cukup tilu kali. "Kumaha dok carana ngarah bisa nginget jadwalna??" Tanya kang Panzi "Saéna mah cirian we dinten naon waé anu awalanna tina huruf 'S' contona Senén, Salasa jeung Saptu," jawab dokter. Nincak poé kaopat kang Panzi teu kuat nahan, kapaksa ngalanggar saran dokter, terus ngahudangkeun garwana nu keur sare. Kulisik pamajikanana hudang bari satengah lulungu pok pamajikanana nanya “Malem naon ieu teh kang?" "Malem SUM'AT.Sssttt!!" témbal kang Panzi bari nyénghél
Hiji carita di pilemburan anu teu can kabagéan listrik, nu masih keneh ku cempor (lampu téplok téa), aya hiji keluarga, putrana dua katut Nini, da Akina duka teuing kamana. Salakina karék pisan datang di pangumbaraan. Jadi, kaluwargi ieu téh keur sosonoan, khususna garwana anu kalintang bungahna (héhé ...).
Dina hiji peuting anu jempling... maklum pada-pada sono, lampu gé teu di seungeut. Biasalah, kumaha wé ari anu keur sonoan tea. Si Bapana ngomong, “Jang, nyai, geus sararé acan....?” Si budak ngawalonan, “Teu acan, Bapa.” Cék si bapak ka garwana, “Ma, geuning barudak téh can saré...” Kitu jeung kitu jeung kitu nepi ka ampir jam 3 peuting, budakna di tanya ku Indung Bapana, jawabna tetap sarua.
Isukna barudak nyarita ka nini-na, “ Nini kunaon si Ema jeung si Bapa unggal peuting ngan naros geus saré acan?” “Peuting ayeuna mah Jang, Nyai, tong di témbalan, cicing wé,” cek Ninina. Peutingna, nya kitu téa barudak téh di tanya deui, tapi ayeuna mah teu nembalan...
“Ma, ayeuna mah barudak téh geus sararé. Yu ah...... (tong dibayangkeun, bisi kumaha onam!) Der wé, duka teuing kamana éta mah. Ari barudak mah ngadedempés we ngadédéngékeun. Anu kadéngé ku budak mah ngan “kaluar... kaluar ....keun”. Na celengkeung teh budak teh ngomong, “Ema, Bapak... ujang gé hoyong kaluar......”
Si Obét beuteungna bentelu lantaran aya nu neluh. Nurutkeun dokter ahli bedah, si Obet kudu gancang dioperasi.
"Teungteuingeun..rarasaan mah kuring téh tara jail ka batur!" Ceuk si Obét bari rambay cipanon jeung ngusapan beuteungna anu bungkeyang.
"Jep..jep..tong léwéh, kawas lain lalaki wé...!" Ceuk dokter bari jes nyuntikeun obat bius ... lengak si Obet kapaéhan. Tilu jam tiharita si Obét kakara lilir, beuteungna anu tadina bentelu ngadadak kempés.
"Mangga tah ieu hasilna..!" Dokter nyéréngéh bari nunjuk ka hiji komputer kumplit sareng printerna.
"Baruk..geuning lebetna nu kieu, nu leres ieu téh dok?" Si Obét heran, tapi ... sorana semu atoh [?].
"Ih leres..malihan nembé diangkat mah monitorna ngaluarkeun aksara: Nembé dikintun hiji heula ", saur dokter. “Naha ari maneh katingalina teh siga nu atoh?
"Duh iraha atuh badé neluh deui...sabab tos geregeteun hayang gaduh warnét..!
Juragan Odéd direktur PT. CEULEUPEUNG. Basa balik tikantor manéhna ngajenghok lantaran ningali juragan istri, nu katelah gan Onah, keur ceurik ngabangingik bari terus ngadu ka salakina.
Juragan Istri :"Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi saurna dipiwarang ku papih!".
Juragan Odéd : "Naha kunaon kitu?” (ngajawab nyalsé terus muka dasi loréngna nu ngagebay)
Juragan istri : “Ah pokona cunihin tur campelak ka dunungan. Naha leres éta teh dipiwarang ku papih ?”
Juragan Odéd : “Naha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka si mamang teh. Ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh : 'Mang lamun hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun manukna… sakitu !'"
DINA riungan di bumi ajengan, hiji santri gawéna ngan hulang-huleng sajeroning ngabandungan katerangan ti guruna. Cék ajengan, “Mun hayang meunang kabagjaan, urang kudu terang kana alamat Alloh. Ngajugjug alamat Alloh mah aya dina rarakatan solat. Sok geura urang tataan, isa 4, subuh 2, lohor 4, asar 4, magrib 3.”
Geuning babari nginget-ngingetna, cék éta santri gegerendengan sorangan. Barang nepi ka imah, gutrut wé éta santri téh nulis surat.
Spoiler for surat:
Kahatur Gusti Alloh
di 42443
Nun Gusti, ieu abdi seja dumeuheus ka Salira. Nepangkeun, abdi téh hamba Salira nu teu kinten leketkeun dina ngalaksanakeun ibadah. Siang wengi teu weléh sumujud, babakti masrahkeun raga sakujur. Abdi mah tos teu ngémutan haliah dunya. Éstuning madepkeun diri sagemblengna ka Salira.
Nanging, dina waktos ieu mah, rumaos abdi téh nuju gaduh karerepet. Eta, patali sareng hahargaan nu nérékél. Katambih pun anak nu cikal, ayeuna tos sakola. Saur guruna kedah énggal-énggal méréskeun bayaran sakola.
Tah, ku kituna, ngalangkungan ieu serat, abdi seja mundut sih piwelas ti Gusti. Teu ageung, mung 100 rébu.
Hatur nuhun sareng diantos waleranana.
Baktosna,
Santri nu teu weléh babakti.
Sup wéh éta surat téh kana amplop. Gidig ka kantor pos, nikreuh ti imahna kénéh. Tapi kantor pos geus tutup, nya sup wé kana kotak pos. Ngan lantaran neundeunna rusuh, surat téh dapon néwél, atuh pluk wéh murag ka jalan.
Teu kungsi lila gurudug pulisi duaan kana motor. Reg lebah kotak pos.
“Bieu mah siga mubus ka kantor pos,” cék nu saurang.
“Lain, ngabiur ka ditu!” walon baturna.
“Ka kantor pos. Déwék inget kénéh jelemana, maké jékét beureum. Éta tuda ngajalankeun motor téh mani laun pisan, nepi ka teu bisa nyusul.”
“Keun baé atuh, pira gé ngalanggar teu maké hélem. Sigana urang dieu. Ké, ari éta naon?” cék nu hiji bari nunjuk kana surat.
“Surat euy, sigana murag tina kotak pos, teu bener ngasupkeunana. Cik urang asupkeun deui…” cék baturna. Kop kana surat, méméh diasupkeun téh dibaca heula. Nyéh seuri sorangan. “Anéh ieu jelema. Nyuratan ka Gusti Alloh. Cik urang buka…” bari gereyem dibaca. Baturna milu maca.
“Jelema setrés sigana mah. Geus poékeun. Cik béré atuh…”
“Béré naon?”
“Asupan duit… pira saratus rébu.”
“Teu boga… ngan boga 75 rébu….”
“Enya saayana wé… jajapkeun ka imahna bari balik…”
Pabuburit éta dua pulisi téh nganteurkeun amplop ka imah santri.
“Yeuh, aya surat?”
“Ti Gusti Alloh?”
“Enya.”
“Alhamdulillah, tos diwaleran. Nuhun…”
Bus ka imah. Gancang surat dibuka. Terus kerung. Teu ngengkékeun, gutrut wé nulis deui surat.
Spoiler for surat2:
Gusti, hatur nuhun kintunanana parantos katampi. Mung pamundut, ka payunna mah teu kénging dititipkeun ka pulisi. Geuning dipotong 25 rébu.
Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kénca, ngalér ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung. Maklum dikampung mah masih kénéh loba imah panggung; jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang éntog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah téh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana. Multi lével meureun nya ayeuna mah istilahna teh.
Tah simaling téh caritana rék maling hayam. Manehna rerencepan muka panto kandang bari jeung degdegan da sieun kadéngéeun kunu boga imah. Barang keur muka panto kandang ngadéngé aya sora awéwé "kang....tos dibuka......"; simaling ngagerendeng na haténa "duh! aing kanyahoan muka panto". Simaling jempé sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncorkeun sirahna ka kandang. Ti imah kadéngé deui sora awéwé "duh kang tos lebet nya ...!!!" Sorana rada tarik jeung ngageter. Simaling ngoréjat bari kukulutus dina haténa "haram jadah siah! kanyahoan aing rék maling hayam !" Padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih panganténan.
Isukna simaling jualan bonténg di pasar. Kabeneran si pangantén oge indit kapasar. Pas ngaliwatan ka tukang bonténg, si awéwéna nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonténg. Pokna téh "kang siga nu wengi nya!". Maksudna teh kana bonténg, tapi tukang bonténg ngagebeg haténa, rey beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tibuburanjat sieun ditéwak, hatena bacéo "duh bener-bener ka aing kanyahoan". Padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu bobogaan salakina.
Saat ini jaman serba susah. Harga BBM naik, akibatnya terjadi PHK di
berbagai perusahaan.
Salah satu yang terkena PHK adalah Paijo.
Bulan ini ia tidak bisa lagi mengirim uang untuk istrinya di kampung
halaman. Ia hanya bisa mengirim surat. Isinya demikian:
Istriku Tercinta,
Maafkan kanda sayang, bulan ini Kanda tidak bisa mengirim uang untuk
kebutuhan keluarga di rumah. Kanda hanya bisa mengirimmu 1000 ciuman.
Paling cinta,
Kanda Paijo
*************
Seminggu kemudian Paijo mendapat surat balasan dari istri tercintanya:
Kanda Paijo tersayang,
Terima kasih atas kiriman 1000 ciumanmu.
Untuk bulan ini Dinda akan menyampaikan laporan pengeluaran keluarga :
Tukang minyak bersedia menerima 2 ciuman setiap kali membeli 5 liter
minyak tanah.
Tukang listrik mau dibayar dengan 4 ciuman per tanggal 10 setiap bulannya.
Pemilik kontrakan rumah mau dibayar cicil dengan 3 x ciuman setiap
harinya.
Engkoh pemilik toko bahan makanan tidak mau dibayar pakai ciuman. Ia
maunya dibayar dengan yang lain.. Ya terpaksa Dinda berikan saja.
Hal yang sama juga Dinda berikan buat kepala sekolah dan gurunya si
Udin yang sudah 3 bulan nunggak uang sekolah..
Besok Dinda mau ke pegadaian untuk tukerin 200 ciuman dengan uang
tunai, karena yang punya pegadaian sudah bersedia menukarkan 200
ciuman + bayaran lainnya dengan uang 650ribu, lumayan buat ongkos sebulan.
Keperluan pribadi Dinda bulan ini mencapai 50 ciuman.
Kanda tersayang.. bulan ini Dinda merasa jadi orang yang paling kaya
di kampung, karena sekarang Dinda memberikan piutang ciuman ke banyak
pemuda di kampung kita dan siap ditukar kapan pun Dinda butuhkan.
Kanda, dari kanda masih tersisa 125 ciuman, apakah kanda punya ide?
Atau saya tabung saja ya?
Pengajian Mingguan : - Setiap Hari Rabu Pukul 18.30 (ba'da Magrib) - selesai
Dzikir Bersama : - Setiap Hari Kamis Pukul 18.30 (ba'da Magrib) - Selesai
Pengajian dan Tadarus Rutin Ibu-Ibu : - Setiap Hari minggu
Buat Seluruh Warga yang punya Artikel,puisi,berita dan informasi atau pun Foto yang ingin dimuat disini Silahkan kirim Via Email ke sabelastea@yahoo.com , Dan Jangan Lupa Kritik dan saran nya.