Wednesday, July 29, 2009

Sosonoan

Hiji carita di pilemburan anu teu can kabagéan listrik, nu masih keneh ku cempor (lampu téplok téa), aya hiji keluarga, putrana dua katut Nini, da Akina duka teuing kamana. Salakina karék pisan datang di pangumbaraan. Jadi, kaluwargi ieu téh keur sosonoan, khususna garwana anu kalintang bungahna (héhé ...).

Dina hiji peuting anu jempling... maklum pada-pada sono, lampu gé teu di seungeut. Biasalah, kumaha wé ari anu keur sonoan tea.
Si Bapana ngomong, “Jang, nyai, geus sararé acan....?” Si budak ngawalonan, “Teu acan, Bapa.”
Cék si bapak ka garwana, “Ma, geuning barudak téh can saré...”
Kitu jeung kitu jeung kitu nepi ka ampir jam 3 peuting, budakna di tanya ku Indung Bapana, jawabna tetap sarua.

Isukna barudak nyarita ka nini-na, “ Nini kunaon si Ema jeung si Bapa unggal peuting ngan naros geus saré acan?”
“Peuting ayeuna mah Jang, Nyai, tong di témbalan, cicing wé,” cek Ninina.
Peutingna, nya kitu téa barudak téh di tanya deui, tapi ayeuna mah teu nembalan...

“Ma, ayeuna mah barudak téh geus sararé. Yu ah...... (tong dibayangkeun, bisi kumaha onam!)
Der wé, duka teuing kamana éta mah. Ari barudak mah ngadedempés we ngadédéngékeun. Anu kadéngé ku budak mah ngan “kaluar... kaluar ....keun”.
Na celengkeung teh budak teh ngomong, “Ema, Bapak... ujang gé hoyong kaluar......”

(Hag siah! .................)

0 comments: