Wednesday, July 29, 2009

Sosonoan II

Opat poé katukang kang Panzi gura-giru kadokter cenah teu raraos body.
Sabada dipariksa, dokter nyimpulkeun yén kang Panzi téh loba teuing sosonoan jeung pamajikanana tur euweuh watesanana. Si dokter nyarankeun leuwih alus mun rék sosonoan kudu make jadwal nu matuh, saminggu cukup tilu kali.
"Kumaha dok carana ngarah bisa nginget jadwalna??" Tanya kang Panzi
"Saéna mah cirian we dinten naon waé anu awalanna tina huruf 'S' contona Senén, Salasa jeung Saptu," jawab dokter.
Nincak poé kaopat kang Panzi teu kuat nahan, kapaksa ngalanggar saran dokter, terus ngahudangkeun garwana nu keur sare. Kulisik pamajikanana hudang bari satengah lulungu pok pamajikanana nanya
“Malem naon ieu teh kang?"
"Malem SUM'AT.Sssttt!!" témbal kang Panzi bari nyénghél

0 comments: